≡ Menu

Panon Hideung

Panon hideung
Pipi koneng
Irung mancung
Putri Bandung

Putri saha
Di mana bumina
Abdi reseup
Kaanjeunna

Siang wengi
Kaimpi-impi
Hate Abdi
Sara redih

Teu emut dahar
Teu emut nginum
Emut kanu geulis
Panon Hideung

Asa parantos lami pisan kuring henteu ngaregepkeun kawih-kawih sunda, pamungkas ngawih sunda teh pas karokean di plasa dago. Aya rasa sono pikeun ngaregepkeun sarta ogé ngawihkeuna, pangintén pas ka bandung baris kuring nyempetkeun nyandak kawih-kawih sunda koleksina réréncang kuring.

Almarhum pun biang, baheula pohara resep pisan ngaregepkeun kawih-kawih sunda, mimiti ti degung, jaipongan, kacapi suling sarta kawih lianna anu biasana dikawihkeun ku doel sumbang, darso sarta séjén-séjén. ku kituna koleksi kawih sunda lumayan seueur ogé dipajang di rorompok, tapi hanjakalna ngan dina wangun kaset, sarta kuring henteu tiasa nganggona alatan henteu ngagaduhan radio kaset 🙁 .

Halah….asa pabaliut kieu ari nyarios basa sunda teh 😀

{ 21 comments… add one }
  • viga May 17, 2007, 11:00 am

    budak leutik bisa ngapung…
    babaku ngapungna peuting..
    ngalayang kangkalayangan..
    neangan nu amis – amis..

    pupuh kinanti…

  • Ujang May 17, 2007, 8:15 pm

    Awi jauh ka Sintung Kalapa
    Abdi jauh ka Indung Bapa#:-s

    • Kang Asep May 21, 2007, 12:04 am

      leres pisan abdi oge teu benten sapertos kitu :((

  • irwan May 19, 2007, 3:41 am

    :(( :((
    Kagak ngarrrtiii….

    • Kang Asep May 21, 2007, 12:02 am

      adup maaf, saya lagi kepengen pakai bahasa sunda :)>-

  • roffi May 20, 2007, 7:03 pm

    kahartos keneh basa sunda na .. teu pabaliut ah

  • Adrian May 23, 2007, 4:37 pm

    pami teu lepat mah ieu kawih teh sanes asli sunda. simkuring kantos ngadangukeun Lucianno Pavaroti ngahaleungkeun ieu kawih ku basa Italy.

    duka ti mana aslina kawih ieu teh, saurna mah ti aliran musik klasik.

    mangga mang…

  • Andi May 31, 2007, 10:24 am

    Panon hideung…
    Pipi hideung…
    Irung hideung…
    SiNeNeN Tea

    :d/ Tarik Mang :d/

  • Biho June 27, 2007, 9:36 am

    saha eta nu geulis teh Sep? kikindeuwan anjeun sanes?

    • Kang Asep August 20, 2007, 1:27 am

      ah sanes kang…da can gaduh deui atuh kikindeuwan na ge…malahan teu acan lami tos papeugatan 🙁

  • liezmaya.web.id August 15, 2007, 2:35 pm

    duh kang Asep…resepnya gaduh panon hideung, ari simkuringmah kulit dih nu hideung teh hehe

    • Kang Asep August 20, 2007, 1:29 am

      hehehhe….tong sok kitu ahh, hideung ge da kedah disukuran atuh teh….saur batur mah “kalau yang manis itu untuk yg hitam saja” ceunah

  • winda August 21, 2007, 12:01 pm

    hidup urang sunda…..
    tong eleh ku urang inggris nya?:x

    • Kang Asep August 21, 2007, 9:20 pm

      hidup juga 🙂

  • Ayu imoet donx!! August 21, 2007, 12:04 pm

    Urang sunda kudu ngelestarikeun adat jeung budaya warga na sorangan!!!!NYA,,,,,:-?

  • Kang Asep August 21, 2007, 9:22 pm

    muhun teh leres pisan

  • KaiToU September 8, 2007, 7:55 am

    Haduw… 🙁
    Abdi teh, teu ngarti, euy… 😛 :-O 8-|

    Huhu… :((

  • Uzo September 21, 2008, 1:55 pm

    sim kuring oge asa tos lami tara ngupingkeun kawih atanapi lagu2 sunda. asa sok waas..urang mah da urang sunda. hirup di mana wae da ari kukuping sareng ucap rengkak polah mah ulah ngaluengitkeun bahasa urang bahasa indung bahasa sunda..nya urang mah kudu nyiar elmu sugan nepi ka tungtung langit. tapi ulah hilap ka sunda..sok ah..:x

  • ary August 26, 2009, 6:55 am

    samy da urang teh,ntos lamy pisan tara ngadanguken ka2wihan sunda,asa hoream…?????

Leave a Comment

Next post:

Previous post: